Kamis, 29 April 2010

BARONGSAY OGEL


NYOREANG mangsa katukang nu lawas kira-kira tahun 1962, atrat dina panon mangsana kabeh rahayat Indonesia ngarayakeun kamerdikaan bangsana tina pangjajah bangsa deungeun. Kagumbiraan mangsa harita karasa pisan ku nembongkeun kamonesan seni bari teu nolih kana kacape jeung waragad nudikaluarkeun estuning suka genah bae. Ari kamonesan seni harita dibeungkeut ku rupa arak-arakan sarupaning papangantenan, wanda pahlawan, wanda pajuang, jajampanaan, kapeung-kapeung sok aya rombongan jalma nu dikangkalungan oray hirup, jeung rombongan barongsay ogel.
Anu disebut paneuri masih ngancik dina hate, ngaraksuk dina pikiran ngabayang dina kongkolak panon tug tepi kakiwari.
Nulis catetan ieu bari tunduh nataku reup sare...... Bray harita teh taun 1962 mangsa kuring di sakola rakyat, 17 Agustusan kuring jeung babaturan geus sigep rek lalajo arak-arakan bari ngasupkeun bekel nu disadiakeun ku ema kana kantong kaneron, ari anu jadi udagan hayang ningali barongsay, sok resep sungutna apluk-aplukan lamun geus ngudag-ngudag barudak pantaran kuring, padahal ningali beungeutna pikasieuneun ceples beungeut maung bari sirahna gudag gideug neangan barudak nu lalajo, ari barongsay biasana dituturkeun ku ogel. Arak-arakan atawa disebut oge helaran jaman harita aya dimasing-masing desa jadi mapay-mapay jalan desa saentasna kumpul di lapang kacamatan, ngan edas bae... sababaraha kilomah jauhna nuturkeun bari laleumpang. Kuring jeung babaturan ngudag-ngudag rombongan barongsay ogel pedah resep ningali ogel kasurupan da eta cenahmah sok ngamat jurig jarian, ari amatana lamun ogel geus masangkeun boboko butut anu dibabawa kana beungeutna atawa aseupan butut kana beungeutna ceples bae siga make kedok babi leuweung atawa siga nanahaon, cacap tepi karengse kuring ngarasa bungah bari mikir teucape-cape eun eta nu maen barongsay ogel teh, lantaran leumpang nu sakitu jauhna bari mamawa barongsay tina kai nu sakitu beuratna.
Waktu kuring hudang boga pikiran lain ngimpi bieu teh ?, ngan anu pasti mangsa ayeuna kesenian barungsay ogel teh geus euweu dikieuna, kasilib ku kasenian jaman kiwari ngan asa ku lebar temen seni budaya heubeul teu dipirosea.
Ari kesenian helaran barongsay ogel teh pinuh ku eusi magis, saencana dimimitian pamaen sok diparancahan heula kunu jadi kokolotna, media anu jadi antara pamaen jeung dunia goib nyaeta wandana barongsay anu dijieun tina kai nangka, awakna tina karung goni, ari ogel mah sok mamawa boboko butut/urut atawa aseupan butut/urut bari dikangkalungan sababaraha lembar daun kuciat atawa daun hanjuang, ieu tatangkalan biasana baheula mah hirup di kuburan atawa di lamping deukeut curug cai, ayeunamah loba katingali dina pot hareupeun imah sigrong, he...he...mangsa kiwari kuring boga udagan hayang nyobaan mirosea helaran barongsay ogel, babarengan jeung barudak teater gawe ti SMKN 3 Tasikmalaya anu jadi panceran dina pintonan drama sunda mang mandor, tuluy di pintonkeun waktu kuring jeung kanca palukis tasikmalaya pameran lukisan di taman budaya jogyakarta, terus waktu kuring jeung babaturan pameran lukisan di hotel namira galery tasikmalaya, nu ieumah asa reueus pedah ditingali oge ku pangersa juragan ti Dinas Parawisata Kota Tasikmalaya sareng rengrengan kersana Bapak H Juniar Hapizd......Cag kumaha engke bae.

ku aten warus 2007

Tidak ada komentar:

Posting Komentar